Panggih Nu Panungtungan

Ibu nuju tahajud, waktos Bapa mulang rerencepan dina hiji wengi, lima taun kapengker. Di tengah bumi aranjeunna nangis pa ungku-ungku. “ Si Ujang sehat!?” harewos Bapa. Ema mung ngawaler ku unggeuk, cisocana anteng murubut, bari nyangsangkeun raray na taktak Bapa. “ Omat pang jagakeun si Ujang , Akang kudu mangkat deui !” saur Bapa dareuda. Laju nyuaykeun hordeng... kamar..., teu kungsi lami, celengok tarang uing, nu keur api-api sare di cium. Dua dinten ti saprak Bapa mulang. Rorompok Ema di dongkapan ku sapuluh jalmi nu rambutna cepak, eusi rorompok di budalkeun, sababaraha barang di candak, ema ge haben di perekpek ku patarosan.Ti harita, uing teu kantos tiasa ningali deui pameunteu Bapa. Nami Bapa sapertos diteleg angin, di sumputkeun duka di mana. Tiap wengi Ema teras solat tahajud, uing ge teras miharep Bapa tiasa mulang deui, tapi mung angin nu datang, enya mung angin !, angin peuting!, nu satia marengan kasabaran Ema jeung Uing.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Iwan Hanjuang: duh jadi ngahelas ,tapi isuk jaganing geto bakal tepung da jeung tuang rama teh..
  2. Yanti Sri Budiarti: Deudeuh Ujang...Sing sabar nya...!
  3. Ida Nurulhuda: Ibu,atanapi Ema.,sami baé.Indung...
  4. Sonny Bastoni: Enggal ujang lapor ka KOMNASHAM, ulah di -lami2 nu tos lami lapor ge teu acan aruih deui,atanapi lapor ka KPB, Komisi Perlindungan Bapa.
  5. Ahmad Yani: @Kang Iwan Hanjuang : Heu heu heu , hatur nuhun Ah, tos di doakeun Ku Uwa Iwan Hanjuang ! he he he !
  6. Ahmad Yani: @Yanti Sri Budiarti : " Enya ..... Ua ! ", ceuk budak bari inghak-inghakkan. Leungeunna namprak ... menta duit. Tapi duka kumaha tos gogoakan ge angger teu di bere ku Uwana nu urang Lembang Teh ! ha ha ha ha ha ha !!
  7. Ahmad Yani: @ Teh Ida : Heu heu heu , sumuhun kedahna mah Ema nya !, aduh nyelap tah hiji kecap " Ibu ", di awal, sesah nip-ex na ! hi hi hi hi !! Nuhun Ah ... Teh !
  8. Ahmad Yani: @Kang Sonny Bastoni : Dimana tah Ang ! Kantos KOMNASHAM teh, moal kitu nu di Jalan Santiong Mah ? heu heu heu !
  9. Rudi Riadi: Teu rengse macana Kang abdi mah, kabujeng sedih...
  10. Irman Dimyatie: Ema nu satia. Ujang nu sabar. Ari bapa dosa naon? Jigana bapa teh disangka teroris....... Beu....!!! Engke tuluykeun deui we Jang, cita-cita bapa teh. Mun jadi teroris, sing jadi teroris nu mihak ka rakyat leutik. Da geuning...... Enonesa mah bisana ngan neangan teoris wungkul. Teu bisaeun ngamakmurkeun rahayat mah.....
  11. Iwan R Jayasetiawan: Kang Ahmad,janten emut kata buku Hersri Setiawan "Memoar Pulau Buru" Trubus dimanakah Engkau ?
  12. Ahmad Yani: @ Ua Irman Dimyati : Piwuruk Uwa, ku ujang seja di estokeun pisan, ayeuna ge Ujang teh nuju latihan tetembakan, sok sanaos bedilna mung ukur tina tongkol Cau. he he he... Iraha atuh Ua Irman, bade mangmeserkeun bebedilan nu ti Cipacing, Ujang tos teu sabar hayang gera-gera ngincer tarang maranehna ! he he he !
  13. Ahmad Yani: @kang Iwan R Jayasetiawan : Heu heu heu.... Sumuhun Ang !, sihoreng bener sareng salah teh jaman kiwari mah, katingalina tos janten abu-abu ! heu heu heu !
  14. Irman Dimyatie: Keun ku uwa, Ujang rek dibere elmu; Jurus Gugur Gunung, Jurus Gelap Ngampar, Jurus kalakay Murag, Jurus Tampele Meped, oge dibere Aji Halimunan. Teu kudu make bedil, cukup ku Elmu Teluh we. Keun, urang wiridkeun Teluh Samber Nyawa. Tuman nu karitu teh, kudu diberesan, Jang.
  15. Iwan Hanjuang: kade jurus ajul gedang,jeung entep sendok poho..penting eta ge..
  16. Iwan R Jayasetiawan: Kang Irman, Ari jurus lumpat sakalumpat lampet ka kantun.Nambihan jurusan ti Kang Iwan Hanjuang nyaeta jurus " Burubut Limus:.
  17. Ahmad Yani: @ " Uwa Irman sareng Uwa Iwan : Awas hilap jurus " Comot Dagena" ka kantun !! Ujang peryogi pisan ! wakakakkkkk !
  18. Iwan Hanjuang: ha ha ha ha ha ha mimiti yeuh maceuh..
  19. Ahmad Yani: Sanes maceuh Uwa Iwan !, tapi ieu mah HOBI ! ha ha haha !!
  20. Ahmad Yani: @Kang Iwan R Jayasetiawan : Jurus Burubut Limus teh, nu kumaha tea Ang ?, moal kitu nu ngaburayut, jeung sok nyandak ateul !!? ha ha ha !
  21. Godi Suwarna: :"Fikmin nu kentel ku suasana nu matak keueung, ngangres. Siip pisan, Yayi..!
  22. Iwan R Jayasetiawan: Leres, Kang Godi,janten emut kana lagu " Kembang Tanjung Panineungan".
  23. Ahmad Yani: @Kang Godi Suwarna :Hatur Sewu Nuhun Kang Perbu !, heu heu ... bari ngantosan jumaahan, hate rada ka candak janten Mellow ... he he he !!!
  24. Bunda Unie: hiks hiks hiks...
  25. Ahmad Yani: @Kang Iwan R J : " Harita ... waktu layonna di gotong!, Ema ceurik ..aduh...balilihan!, Ras Kahidep ..nu keur di kandung, Utun Inggi ...anak yatim ! ....." ngingsreuk heula ah !!!
  26. Ahmad Yani: @ Kang Rudi Riadi : Haduh ..kunaon atuh Ang teu di tamatkeun ?? boro bade di pasihan hadiah kueh Kartikasari, upami tamat maos na mah !! ha ha ha ha !!
  27. Iwan Hanjuang: Iwan R Jayasetiawan.. Kembang tanjung panineungan,jaman gorombolan,aya pager bitis,fik nu ieu,suasana politikna bisa kabaheulakeun,atawa kaayeunakeun jaman jelema diculik..
  28. Ahmad Yani: @ Bunda Unie : Sumangga ieu nyanggakeun kertas Tissue 12 pak, bilih teu cekap kangge nyusut ci soca !! ha ha ha ha !!!
  29. Bunda Unie: htrnhn,kang..tapi abdi biasa nganggo kanebo...xixixixi
  30. Ahmad Yani: @Kang Iwan Hanjuang : Kangge sim kuring mah " Kembang Tanjung Panineungan teh ", magrupi salah sawios lagu, nu dugi ka ayeuna ge, tetep tiasa ngaduk-ngaduk batin sim uing, malihanan mah, sakapeung cisoca ge sok ngembeng teu kaampeuh. Kuat pisan ..lirikna Ang !, nyandak gaya Balada, ambuingggg.......... !!!!
  31. Ahmad Yani: #Bunda Unie : Kutan ...ngangge kanebo !, ha ha ha!, sakantenan atuh sareng KIT na, supados langkung ngagenclang ! xixixixixi
  32. Bunda Unie: sip lah...raray srg dasboard saingan,nya...
  33. Iwan Hanjuang: bahasa indon na: di empat bulan ke blakang,ibu mimpi mungut bintang Yang jaratuh malam tadi,bintang wangi ditusukin pengangguran saat itu aku sedang hamil sama kamu... he he he he
  34. Ahmad Yani: Resep Sim Uing mah kana kanebo teh !, upami teu aya rencang sangu, sok ngahaja di poe, dugi ka garing. Teras di goreng, raos pisan asa dorokdok !! heu heu heu !
  35. Bunda Unie: Kang iwan hanjuang...eta basa republik campur kabingung...hehehe
  36. Ahmad Yani: @Kang Iwan Hanjuang : Harita Waktu layon nya sudah NGURUNYUNG, Ibu nangis ieung sampai LOLONGSERAN, ! ha ha ha ha !
  37. Bunda Unie: Sae ath kang ahmad, ke abdi nyobiah ah....kaleresan kanebo tilas aya 3 ieu teh hehehe
  38. Bunda Unie: gkgkgk....halah meni raos gumujeng dugi ka waos laletoy...
  39. Ahmad Yani: @ Bunda Unie : Di angeun ge tiasa, di campurkeun sareng Elap Pel ! ha ha ha ha ha !
  40. Bunda Unie: jhahahaha...bade didamel steak w, kanggo mlm taun baru bilih daging sapi teu kapeser
  41. Ya Soebarta: Ngangres ang, duh...!!
  42. Ahmad Yani: @ Ya Soebarta : Heu heu heu... nyobi-nyobi motret sisi-sisi kahirupan, jalmi, nu sok ka luli-luli ! he he he !!
  43. Dadang Soekanda: Yakin keur budak bakal ninggalkeun tapak anu matak hese limpudna . bongkena proyek amrik sabodo pikahareupeun keur generasi penerus mah...ajib kang..
  44. Ahmad Yani: @Kang Dadang Soekanda ":Bawi raos sim kuring, masalah leres sareng lepat, nu nyoko kana pamendak manusa mah, tiasa disebatkeun abu-abu. Kantenan kanu pakait sareng ageman tur pamadegan mah !. Margi, Leres nu pasti mah, mung nu kaunggel na Kitab Suci. Cobi etah, Ema nu tara ieuh elat ngantunkeun solat tahajud, kalih bapa ,nu dina taarna, aya tanda semu hideung, balas tara elat ti sujud, ningan nasibna dugi ka sakitu tragisna ?. Sok komo deui eta murangkalih nu teu tuah teu dosa, kedah nandangan ... Sangsi Sosial nu teu kinten abotna !?. Beu ... Rupina, urang teh, sacara teu sadar, parantos ngahaja ngawur-ngawur bibit kaceuceub, nu teu puguh alang ujurna !! ( HE HE HE HE... HAPUNTEN ANG !!, ETA UING, MENI KUMAWANTUN SIGA NU CARAMAH SAGALA ...HA HAHA HA HA HA ... Haturan Ang Dadang Wilujeng wengi , daek sumpah ,hoyong pendak di darat !! hi hi hi ! )
  45. Dadang Soekanda: Ningal sareat nu ditigas teh jalmi anu teu ngamasalhkeun hirup, teu kabengberatan ku urusan dunya , katingali istiqomahna. Ninggang pantaran urang mah pijauheun. Jujur we Kang sim kuring mah nalangsa ningal nu kitu peta teh, sa iman anu ditandasa teh. Iraha atuh diparengkeun pendak sateuacan maraot?